Terjun Make Payung


        Kacaritakeun Solihin budak anu butut boga babaturan ngarana Ii nu kasep jeung Ginda nu super cool. Di hiji waktu barudak nu tilu eta ulin ka tempat latihan TNI angkatan udara terjun payung.
-
Ii : "heh ihin, abi rek nanya ka maneh. Majar maneh teh pinter lin?"

Solihin : "rek nanya naon maneh? Naon wae pertanyaannana pasti ku kuring mah ka jawab." ( sabari masang wajah anu balaga. Padahal mani geuleuh gaya na teh)

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

Sasakala Gunung Kendang



JAMAN baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayangku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang kudalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi ka tamatna.Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu dipikahayang.Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi ka tamatna.Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakondipidangkeun nepi ka tamatna.Pok Ki Dalang sasauran.“Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?”Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh.Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména.Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan,

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

Kuya Nyieun Suling



        Sakadang kuya manggih tulang maung ti leuweung. Ceuk pikirna alus lamun
dijieun suling. Ngan kusabab menehna mah teu bisaeun ngaliangan, kapaksa menta
tulung ka  sakadang bangbara. Sanggeus diliangan tulang maung teh bisa ditiup.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS



        Si Kabayan Dicukur

   Si kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae kerek.

    Sakali mangsa si kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan supratman. ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

SASAKALA SITU BAGENDIT

 SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu


Asal Usul Gunung Tangkuban Perahu

Di Jawa Barat tepatnya di Kabupaten Bandung terdapat sebuah tempat rekreasi yang sangat indah yaitu Gunung Tangkuban Perahu. Tangkuban Perahu artinya adalah perahu yang terbalik. Diberi nama seperti karena bentuknya memang menyerupai perahu yang terbalik. Konon menurut cerita rakyat parahyangan gunung itu memang merupakan perahu yang terbalik. Berikut ini ceritanya.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

Ratu Inten Dewata

Ratu Inten Dewata

   Seueur nu nganggap yén carios Ratu Inten Déwata téh mung saukur dongéngan legénda wungkul, margi taya buktos nu pasti atanapi data émpiris nu leres-leres tiasa dipercanten. Sanaos kitu, carios Ratu Inten Déwata masih tetep ngarupikeun dongéng karuhun nu masih dipercanten ayana, utamina ku masarakat Tarogong, Garut, salaku carita sasakala karuhun karajaan Timbanganten.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

Kumpulan dongeng



Siluman


Jaman baheula dihiji tempat/werwengkon didinya teh kacaritakeun lembur anu kacida sarienen nana jelema ngaliwat kadinya, yen beja didinya ari peting tara aya lampu, pokona paroek jeng loba begal. Lamun aya jalma peting-peting liwat kandinya cak beja sok dicegat garong/begal pokona sakumaha harta nu dibawa ku jalma teh kudu dibikeun ka garong lamun hente diancam bakal dipaehan atawa disiksa.
Caritana yen brgal/garong anus sok nyegat ditempat etateh nyaeta jalma anu cicing di tempat eta, penduduk didinya kusabab kitu jalma sarieuneun liwat kadinya teh. Jeung deui anu jalma anu nempatan tempat eta teh jaragoan utamana jago kadugalan.

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS